Ceu eti jeung ceu kokom

webadmin's picture
Humor

Ceu Eti jeung Ceu Kokom terkenal sok parea-rea omong di kampungna di buah batu Bandung, keur ngagulkeun anjing piaraannana sewang-sewangan. Duanana paembung-embung eleh. Komo Ceu Kokom mah meuni keukeuh pisan, yen Si Rino, anjing nu dipikabogana leuwih pinter tibatan anjing Ceu Eti Si Blekih.

"Anjing urang mah, tiap isuk nungguan tukang loper koran di hareupeun imah. Pas koran dibaledogkeun ku si emang loper, anjing urang langsung luncat ngagegel eta koran. Tuluy Si Rino asup ka imah mawa eta koran ka sim kuring," ceuk Kokom sabari gumeulis.

"Muhun, abdi oge apal," Ceu Eti nembalan.

"Ti mana maneh nyaho Eti?" Ceu Kokom semu reuwas.

"Pan Si Blekih ngadongeng ka sayah!" ceuk Eti sabari ngaleos.