Ucup tukang sayur

webadmin's picture
Humor

Hiji poe, Ucup Surucup tukang sayur nu biasa nguriling di wewengkon jatihandap, cicaheum katabrak mobil.
Nu nabrak teu tanggungjawab.
Pedah sieun diteunggeulan ku masyarakat, nu nyetir langsung kabur ninggalkeun Si ucup nu nangkarak bari bobolokot getih di sisi jalan.

Puguh we, warga tingkurumuy kaluar ti imah nulungan Si Ucup. Ngan katingalina, Ucup meuni parna pisan. Getih tuluy ngeclakan ti sirahna.

Jiganamah umur si ucup moal panjang. Aya hiji ibu-ibu nu sok meuli sayur si Ucup teu tega ningali kaayaanna.

Si ibu nyampeurkeun, tuluy ngomong, "Nyebut..., cup. Nyebut...nyebutttt!
Ngadenge kitu, Si Ucup nu keur satengah sadar biwirna usik tuluy ngagorowok.. "SAYUUUUUUUUUUUUUURR! !..."

Baca Juga

14 years 6 months ago
14 years 6 months ago